Sunda Geulis kawanti-wanti endah kabina-bina - Indonesia: Bangunan kabin yang cukup berani dan menakjubkan Kamus bahasa Sunda ke Indonesia | Translate Kamussunda.com (kamus bahasa Sunda ke Indonesia (translate)) Untuk mencapai tujuan Anda, kami menawarkan layanan penerjemah teks bahasa Sunda-Indonesia gratis.
MANGYONOcom- Jaipongan terlahir melalui proses kreatif dari H. Suanda sekitar tahun 1976 di Karawang, jaipongan merupakan garapan yang menggabungkan beberapa elemen seni tradisi Karawang seperti pencak silat, wayang golek, topeng banjet, ketuk tilu dan lain-lain. Nah, dibawah ini ada lirik lagu BANONDARI yang di haleuangkeun oleh pesinden asal
Geuliskawanti-wanti endah kabina-bina ( sangat cantik tak terlukiskan ) Di dinding kelir di sindang siloka ( diibaratkan dengan kiasan ) Kakoncara kamana-mana, ka jamparing angin-angin ( Sudah sangat terkenal ) Geletuk batuna, gejebur caina ( Keputusan akhir ) Indung tungkul rahayu, bapa tangkal darajat ( Orangtua harus dihormati )
putriraja tatar Sunda geulis kawanti wanti endah kabina bina ngaranna Dayang Sumbi, tapi hanjakal manehna diasingkeun leuweung alatan nandang panyakit teu cageur cageur, dianggap bisa ngabalukarkeun boborna wibawa jeung komara sang Raja.Dina badriyahsitinu badriyahsitinu 06.05.2014
Sunda Aya hiji putri raja di tatar Sunda nu geulis kawanti-wanti e - Indonesia: Ada seorang putri raja di Tatarstan yang cukup pemberani dan
harga tiket kapal laut balikpapan surabaya 2023. menu / imóveis / detalhes do imóvel galeria de imagens resumo do imóvel A Consultar Código do Imóvel › Finalidade › Tipo › Dormitórios › Área Privativa › 0,00m² Box Garagem › Vagas Estacionamento › Valor Condomínio › R$ 0,00 Valor IPTU › R$ 0,00 Código do Imóvel › Finalidade › Tipo › Dormitórios › Área Privativa › 0,00m² Box Garagem › Vagas Estacionamento › Valor Condomínio › R$ 0,00 Valor IPTU › R$ 0,00 A Consultar características do imóvel Dormitórios › Suítes › Banheiros › Lavabos › Sacadass › Área de Serviço › Medida de Frente › 0,00mMedida de Fundos › 0,00mMedida Lateral Esquerda › 0,00mMedida Lateral Direita › 0,00mÁrea Total › 0,00m²Área Total do Terreno › 0,00m²Qtd. box garagem › Vagas de Estacionamento › Área Privativa › 0,00m²Valor do IPTU › R$ 0,00Valor do Condomínio › R$ 0,00 Adicionais › Esquadrias em MadeiraBanheiro SocialCozinhaGaragemInterfoneÁgua Quente EsperaÁrea ServiçoChurrasqueiraHall de EntradaRebaixe em GessoRede / InternetSacada FechadaMedidores IndividuaisPiso CerâmicoPiso LaminadoÁrea de Serviço SeparadaPronto para MorarCozinha Azulejada até o TetoPermite Animais características do condomínio Número de Andares › Apartamentos por Andar › Qtd de Elevadores › Contato da Imobiliária tenho interesse IMPORTANTE As informações exibidas nesta página fazem parte de um anúncio publicitário, e podem ser alteradas, inclusive quanto ao valor, sem aviso favor, entre em contato conosco para obter informações mais detalhadas. assine nossa newsletter Fique por dentro de tudo o que acontece no mercado imobiliário, receba promoções imperdíveis, imóveis exclusivos e muito mais...
Sakiduleun kota Sukabumi aya hiji tempat anu rada kajojo ku jalma – jalma anu resep pelesiran. Eta tempat teh ngarana nyaeta SURADE. Reana jalma nu datang ka eta tempat ku sabab genah tur seger hawana, katambah aya hiji tempat pikeun pelesiran nyaeta Ujung Genteng. Kumaha asal muasal ngaran eta tempat teh. Kieu geura ceuk sakaol carita baheula aya hiji sepuh anu luhung ku elmu, jembar ku pangabisa, sugih ku pangarti, saciduh metuh saucap nyata. Eta sepuh teh wastana EYANG MAS ARYA SANTRI DALEM anu katelah namah EYANG CIGANGSA. Eyang Cigangsa kagungan saderek istri anu wastana NYI MAS SURADEWI. Anjeuna kacida nyaah tur deudeuhna sabab kana sagal piwuruk teu wurung diturut, hirup teu lepas tina aturan, itungan jeung ugeran. Ari pangawakan Nyi Mas Suradewi, geulis kawanti – wanti, endah kabina – bina, estu geulis bawa ti ajali endah bawa ti kudratna. Keuna kana babasaan Rambut galing muntang Taar teja mantrangan Halis ngajeler paeh Soca cureuleuk seukeut Pangambung kuwung – kuwungan Damis kadu sapasi Waos gula gumantung Taktak taraju emas Panangan beuntik ngagondewa Ramo racut mucuk eurih Angkeng lengkeh lir papanting Bitis jaksi sajantung Pakulitan hejo carulang Mun seung leumpang lir macan teunangan. Kitu kaayaan Nyi Mas Suradewi. Sok sanajan can rimbitan, Nyi Mas Suradewi geus bubuara di hiji tempat anu teu pati jauh ti lembur cigangsa. Kabungkus ku pasipatanan, di eta lembur anjeuna di angkat jadi pamingpin. Dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara estuning pikayungyunen teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng estuning adil, jujur tur bijaksana. Atuh kaayan eta lembur jadi subur makmur gemah ripah repeh rapih. Dina keur meujeuhna hejo lembok raweuy beuweungeun reumbay alaeun, sepi paling towong rampog taya begal ngalalana, Nyi Mas Suradewi ngumpulkeun para abdi katut rahayatna. Anu maksud jeung tujuanana anjeuna seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula. Sabab anjeuna bade nyumponan pangangkir nu jadi dulurna nyaeta Eyang Santri Dalen di cigangsa. Saur Nyi Mas Suradewi “Para abdi katut rahayat sakabeh ngahaja ku kaula dikumpulkeun anu maksud jeung tujuanana, kaula seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula, sabab kaula bade nyumponan pangangkir nu jadi saderek nya eta Eyang Santri Dalem di cigangsa. Kade salila ditinggalkeun sing carincing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket, bisi aya hiji hal nu teu di piharep.” Harita keneh anjeuna miang ninggalkeun ta lembur. Takdir teu beunang di pungkir. Kadar teu beunang di singlar, di satengahing perjalanan waktu keur meuntas di walungan Cigangsa anjeuna palid kabawa caah nepi kahanteuna jasadna dipulasara di eta lembur anu teu pati jauh ti cigangsa. Waktu ker ngadenge yen anu jadi pamingpina geu taya dikieuna, sakabeh rahayatna ngumpul bari sedih kingkin sarta leuleus tur lungse, lir kapuk ka ibunan lir kapas kahujanan. Dina keur kaayaan kitu, datang Eyang Cigangsa ka eta lembur anjeuna biantara. Saur Eyang Cigangsa “Para abdi katu rahayat pangeusi ieu lembur, ngahaja ku Eyang dikumpulkeun, anu lain waktu anu maksud jeung tujuanana, pamingpin aranjeun geus taya dikieuna, urang ngaranan we ieu tempat teh SURADE. Nyaeta itung – itung pangeling – ngeling ngalap ngaran hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana. Para abdi katut rahayat pangeusi eta lembur nyatujuan kana kaputusan eyang Cigangsa. Tah ti harita ngaran eta tempat teh katelahna SURADE, nyaeta keur pangeling – ngeling ka hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana. sumber Dinas PdanK Surade – Kabupaten Sukabum SASAKALA KOTA SURADE versi Bahasa Sunda Sakiduleun kota Sukabumi aya hiji tempat anu rada kajojo ku jalma – jalma anu resep pelesiran. Eta tempat teh ngarana nyaeta SURADE. Reana jalma nu datang ka eta tempat ku sabab genah tur seger hawana, katambah aya hiji tempat pikeun pelesiran nyaeta Ujung Genteng. Kumaha asal muasal ngaran eta tempat teh. Kieu geura ceuk sakaol carita baheula aya hiji sepuh anu luhung ku elmu, jembar ku pangabisa, sugih ku pangarti, saciduh metuh saucap nyata. Eta sepuh teh wastana EYANG MAS ARYA SANTRI DALEM anu katelah namah EYANG CIGANGSA. Eyang Cigangsa kagungan saderek istri anu wastana NYI MAS SURADEWI. Anjeuna kacida nyaah tur deudeuhna sabab kana sagal piwuruk teu wurung diturut, hirup teu lepas tina aturan, itungan jeung ugeran. Ari pangawakan Nyi Mas Suradewi, geulis kawanti – wanti, endah kabina – bina, estu geulis bawa ti ajali endah bawa ti kudratna. Keuna kana babasaan Rambut galing muntang Taar teja mantrangan Halis ngajeler paeh Soca cureuleuk seukeut Pangambung kuwung – kuwungan Damis kadu sapasi Waos gula gumantung Taktak taraju emas Panangan beuntik ngagondewa Ramo racut mucuk eurih Angkeng lengkeh lir papanting Bitis jaksi sajantung Pakulitan hejo carulang Mun seung leumpang lir macan teunangan. Kitu kaayaan Nyi Mas Suradewi. Sok sanajan can rimbitan, Nyi Mas Suradewi geus bubuara di hiji tempat anu teu pati jauh ti lembur cigangsa. Kabungkus ku pasipatanan, di eta lembur anjeuna di angkat jadi pamingpin. Dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara estuning pikayungyunen teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng estuning adil, jujur tur bijaksana. Atuh kaayan eta lembur jadi subur makmur gemah ripah repeh rapih. Dina keur meujeuhna hejo lembok raweuy beuweungeun reumbay alaeun, sepi paling towong rampog taya begal ngalalana, Nyi Mas Suradewi ngumpulkeun para abdi katut rahayatna. Anu maksud jeung tujuanana anjeuna seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula. Sabab anjeuna bade nyumponan pangangkir nu jadi dulurna nyaeta Eyang Santri Dalen di cigangsa. Saur Nyi Mas Suradewi “Para abdi katut rahayat sakabeh ngahaja ku kaula dikumpulkeun anu maksud jeung tujuanana, kaula seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula, sabab kaula bade nyumponan pangangkir nu jadi saderek nya eta Eyang Santri Dalem di cigangsa. Kade salila ditinggalkeun sing carincing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket, bisi aya hiji hal nu teu di piharep.” Harita keneh anjeuna miang ninggalkeun ta lembur. Takdir teu beunang di pungkir. Kadar teu beunang di singlar, di satengahing perjalanan waktu keur meuntas di walungan Cigangsa anjeuna palid kabawa caah nepi kahanteuna jasadna dipulasara di eta lembur anu teu pati jauh ti cigangsa. Waktu ker ngadenge yen anu jadi pamingpina geu taya dikieuna, sakabeh rahayatna ngumpul bari sedih kingkin sarta leuleus tur lungse, lir kapuk ka ibunan lir kapas kahujanan. Dina keur kaayaan kitu, datang Eyang Cigangsa ka eta lembur anjeuna biantara. Saur Eyang Cigangsa “Para abdi katu rahayat pangeusi ieu lembur, ngahaja ku Eyang dikumpulkeun, anu lain waktu anu maksud jeung tujuanana, pamingpin aranjeun geus taya dikieuna, urang ngaranan we ieu tempat teh SURADE. Nyaeta itung – itung pangeling – ngeling ngalap ngaran hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana. Para abdi katut rahayat pangeusi eta lembur nyatujuan kana kaputusan eyang Cigangsa. Tah ti harita ngaran eta tempat teh katelahna SURADE, nyaeta keur pangeling – ngeling ka hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana. sumber Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kecamatan Surade – Kabupaten Sukabumi
Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten, papakéanana geus butut sarta laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan orat. Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah datang ka potpisan sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul. Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana. Jadi kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana. Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan, anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang. Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka gusti Alah, ulahbon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel. Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih dadaharan, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, " Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh ". Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal, bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah langlayeuseun teuing. Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun walungan gedé. Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang, rék pindah tina walungan kana talaga. Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu bisa maju leumpangna. Kusabab éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé manggih bilahi paéh kasaatan. Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu. Tapi manéhna héran neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, " Samiun Alah kuring neda hujan! Samiun Alah kuring neda hujan! " Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur. Ari ku nini-nini téh didéngékeun baé saomong-omongna éta deleg téh, hayang nyaho kumaha kajadianana. Barang geus kira-kira satengah jam lilana datang hujan gedé naker wani cileungcangan, ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa. Kacaritakeun éta nininini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di jero haténa, " Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Alah
Category Archives Dongéng Sasakala SASAKALA CIGONDÉWAH Cigondéwah téh ngaran lembur anu perenahna di Kacamatan Bandung Kulon, Kota Bandung. Ceuk ujaring carita, ngaran éta tempat téh aya sasakalana. Kieu cenah Baheula, baheulaning baheula, di dinya téh aya karajaan. Ngaranna Karajaan Sindangsari. Ari anu jadi rajanya nya éta Bagénda Singa Mandala. Kagungan putra hiji, jenenganana Putri Mayang Sawitri. Putri anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Nincak rumaja putri, atuh beuki moronyoy baé kageulisanana téh. Kageulisan Nyi Putri geus jadi sabiwir hiji, jadi catur sapangeusi lembur, antukna sumebar ka mana-mana. Antukna kaémpér-émpér ka nagara-nagara séjén anu aya di sabudeureun Karajaan Sindangsari. Rajaputra jeung raja ti sawatara daratang ka Karajaan Sindangsari. Maksudna taya lian pikeun ngalamar Nyi Putri. Tapi, hiji ogé lamaranana téh taya anu ditarima. Pangpangna mah ku Nyi Putri, da ari Sang Bagénda mah, masrahkeun kumaha Nyi Putri baé. Read the rest of this entry → Sasakala Cieunteung – Sumedang Peta Wilayah Desa Cieunteung Sumedang Jaman baheula di wewengkon kabupatén Sumedang nu perenahna di daérah Darmaraja kiwari, aya hiji tempat can boga ngaran éta tempat téh. Ngan di éta tempat aya hiji wanoja anu geulisna kawanti-wanti éndahna kabina-bina, ceuk babasan téa mah nya irung kuwung-kuwungan nya tarang téja mentrangan, ku lemes-lemesna pakulitan éta wanoja téh, ceuk nu bohong mah matak tigulutuk kutu matak tisolédat lisa. Wanoja geulis téh éstuning jalma tukang tutulung teu kasaha-teu kasaha, sakirana perlu mah ku pitulung manéhna teu weléh ditulungan, sakur jalma nu ménta tulung ka manéhna mah. Nyimas Sarieunteung ngaranna téh, manéhna boga kabogoh hiji lalaki anu nganjrékna teu pati jauh ti lembur éta wanoja, ayeuna mah ngaran lembur kabogohna téh katelahna Cipaok. Kabogohna ogé sarua watekna jeung Nyimas, sarua tukang tutulung ka batur, atuh kabéh warga éta lembur pada muji ka Nyimas, keur mah manéhna bageur kabogohna ogé bageur deuih. Dasar jalma henteu kabéh resep, aya nu hayang ngamangpaatkeun kageulisan Nyimas téh, kawas hiji jajaka batur salemburna, manéhna téh bogoh ka Nyimas ngan ku Nyimas ditampik, da puguh Nyimas geus boga kikindeuwan, ongkoh kurang panuju deuih kana laku lampah éta jajaka téh. Eta jajaka nu bogoh ka Nyimas nogéncang néangan kasempetan keur ngakalakeun Nyimas, panasaran mun teu laksana ka Nyimas téh. Read the rest of this entry → Sasakala Situ Paténggang Situ Paténggang – Ranca Bali Ciwidéy Situ Paténggang ayana di Kacamatan Ranca Bali, Kabupatén Bandung Selatan, ± 40 km ti Kota Bandung, loba ogé anu nyebut di Ciwidéy. Situ ieu aya di meter di luhur permukaan laut. Gapura mapag nu sumping ka Situ Paténggang Aya nu ngalandi Situ Paténggang, da meureun asa genah kitu kadéngéna. Padahal cenah anu aslina mah katelahna “Paténgan”, tina asal kecap “patéang-téangan”. Tapi deuih aya kaol séjén anu nyebutkeun yén kecap “patéénggang” ogé bisa jadi bener, sabab baheula dina abad 13, nyaeta dina jaman Karajaan Sunda, iyeu situ téh katelahna Maha Ganggeng Panenggang, atawa lamun ditarajamahkeun sajalantrahna mah hartina tempat anu nenggang tapi kaawaskeun atawa kabireunggeuh ti ditu ti dieu. Panenggang oge harti “tapel-wates”, saba hartina dina jaman Karajaan Sunda, ieu situ jadi tapel-wates antara Karajaan Sunda Kulon jeung Karajaan Sunda Paténggang, mimiti dipaké tempat dumuk ti abad 7 kénéh, nyaéta sawaktu ieu talaga kaéréh ka Karajaan Tarumanegara. Read the rest of this entry → Sasakala Gunung Kendang Gunung Kendang Gunung Kendang mangrupakeun gunung anu aktif stratovolcano ayana di wewengkon Pangaléngan, aya ogé nu nyebutkeun ayana di Désa Sukamukti Kacamatan Cisompét Kabupatén Garut, dikomplék Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru, sabab posisina patonggong-tonggong antara Pangaléngan jeung Garut. Jangkungna gunung nepi ka m kaki. Ku kituna, gunung ieu kaasaup salahsahiji gunung pangjangkuna di Tatar Jawa Barat. Di éta gunung, aya opat tegalan Fumarol, kaasup Kawah Manuk, anu legana kawah 2,75 kilométer. Gunung Kendang miboga sublimasi Sulfur, peletukan leutak/lumpur panas jeung cinyusu anu panas. Ciri anu nandakeun puncakna Gunung Kendan Peta jaman baheula ngeunaan Gunung Kendang jeung Gunung lianna Tina sababaraha carita, Gunung Kendang miboga dongéng sasakala anu kacida ahéngna, nu ku sawaréh jalma, éta carita téh teh dienyakeun. Sasakala Gunung Kendang Read the rest of this entry → JONGGRANG KALAPITUNG – Sasakala Gunung Bongkok Gunung Bongkok jeung Waduk Jatiluhur – Purwakarta Kungsi ka Jatiluhur? Jatiluhur téh perenahna di Purwakarta. Di dinya aya bendungan anu lega. Katelahna Bendungan Jatiluhur. Ari anu dibendungna Walungan Citarum. Éta bendungan téh gedé pisan mangpaatna, dipaké pikeun rupa-rupa kaperluan. Caina dipaké pembangkit tanaga listrik, anu listrikna dipaké di sakuliah Pulo Jawa. Salian ti éta dipaké pikeun irigasi deuih. Nyaian sawah-sawah anu aya di kalér, saperti di Purwakarta, Karawang, jeung Subang. Terus parat nepi ka Bekasi jeung Jakarta. Malah cai beresih anu aya di éta wewengkon, umumna mah asalna téh ti Jatiluhur. Teu saeutik deuih anu miara lauk di Jatiluhur, maké jaring anu disebut “kolam jaring terapung”. Jatiluhur ogé jadi obyék wisata andelan. Salian ti pamandanganana éndah, geus diwangun obyék wisata modern deuih. Saperti waterboom jeung kolam renang. Atuh keur nu resep nguseup, di Jatiluhur ogé loba tempat paranti nguseup. Read the rest of this entry → SANGKURIANG – Sasakala Gunung Tangkuban Parahu Carita Sangkuriang dina Prangko taun 1998 Guaran Engkus Ruswana Urang Sunda Lain Turunan Anjing panyungsian dongéng Sangkuriang Dongétng atawa ogét sok disebut legenda atawa sakakala Sangkuriang mangrupakeun salah sahiji dongeng nu paling kakoncara di tatar Sunda, malahan dongeng ieu sumebar sanusantara, nu tangtu teu leupas jeung kasundaan. Upama nilik dina jalanna carita, asa ku pamohalan pisan kunaon karuhun Sunda nyieun dongeng nu teu ilahar, jiga nu euweuh gawe nyawang teh sakahayang rasa, malahan aya sabagean urang Sunda nu ngarasa era jeung mungkin manghanjakalkeun ku ayana dongeng ieu, sabab ngabalukarkeun datangna pamoyokan batur, majar urang Sunda turunan Anjing Si Tumang téa, urang Sunda teu uni hayang ngawin ka indung. Tapi két heula ki dulur, di dieu urang kudu lantip, apan urang percaya luluhur Sunda lain jalma barodo, da sabodo-bodona ogét maenya nepi ka boga pamikiran yétn jalma daétk kawin jeung anjing kalayan ngahasilkeun anak jalma, jeung piraku deui parahu bisa ngajadi gunung mah. Sabalikna malah urang percaya ku sababaraha bukti nu nganyatakeun yétn luluhur Sunda sugih ku pangarti, jembar ku pangabisa. Di dieu tangtu luluhur Sunda ngahaja nguji pangarti jeung ngadidik turunanana sangkan motékar dina nalungtik naon pimaksudeunana, jeung apan geus jadi kabiasaan yétn dina unggal carita ngandung siloka. Ku pinter-pinterna dina nyusun carita nepikeun unggal carita karasana hirup jeung jiga nu nyata ayana, kurang-kurangna lantip mah dina ngalenyepanana bisa ngabalukarkeun kasamaran. Read the rest of this entry → CIUNG WANARA Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan. Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy. Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh. Read the rest of this entry → LUTUNG KASARUNG Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu. Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu. Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!” Read the rest of this entry → SASAKALA GUNUNG TAMPOMAS Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu? Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna. Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna. Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki. Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep. Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.” Read the rest of this entry → Sasakala Lembur Maronggé Waktos kapungkur kacarioskeun aya hiji wanoja anu ngarandapan raheut manah. Namina Nyai Gabug. Anjeunna téh raheut manah ku hiji pameget. Nyai Gabug apruk-aprukan, terus milarian babakan nyingkahan nu ngarajét haténa. Nyai Gabug téh disarengan ku tilu raina Setayu, Naibah, sareng Naidah. Taya nu terang saha lalaki nu tos ngaraheutan Nyi Gabug téh. Saliwatan mah cangcaya mun Nyi Gabug kudu ngalaman raheut haté téh. Pangna kitu, Nyai Gabug téh geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina. Sakur nu pareng amprok sareng Nyi Gabug, boh istri boh pameget, jorojoy resep jeung bogoh. Kocapkeun, Nyai Gabug jeung tilu raina anjog ka hiji pasir di tungtung lembur babakan. Saterasna Nyai Gabug bubuara ngadegkeun tempat pamatuhan. Ngababakanana Nyai Gabug téh enggal pisan nyebarna, ibur salelembur, éar sadésa, yén di babakan pasir aya opat wanoja geulis. Nya sakur nu panasaran mah pada ngajarugjug ka babakan téa. Barang prok ogé, henteu mencog tina sangkaan, opat wanoja téh geulis taya tandingna. Malah loba lalaki nu ngaheureuyan rai-raina Nyai Gabug. Nyai Gabug ngatik ka raina sangkan ulah gampil kagoda ku wujukan kaum pameget. Utamina kedah ngeunteung kana lalakon anu tos karandapan ku anjeunna. Demi tilu raina henteu baha kana rupaning papagah nu jadi raka éstuning pengkuh kana pamadegan, moal waka kagoda ku pameget mun rakana Nyai Gabug can nyaatujuan. Read the rest of this entry →
mipit amit ngala menta, nete taraje nincak hambalan, nungtik lari mapay bukit, nyukcruk walungan mapay wahangan, ipis lapis kandel tapel. Maung ngamuk gajah metaAda kerusuhan atau kekacauan Geulis kawanti-wanti endah kabina-bina/ Geulis bawa ngajadi endah bawa ti kudrat- sangat cantik tak terlukiskan Di dinding kelir di sindang siloka - diibaratkan dengan kiasanKakoncara kamana-mana, ka jamparing angin-angin- Sudah sangat terkenalGeletuk batuna, gejebur caina- Keputusan akhirIndung tungkul rahayu, bapa tangkal darajat- Orangtua harus dihormatiTunggul di parud, catang di rumpak- Menyingkirkan semua rintanganInggis ku bisi, rempan ku sugan- Khawatir yang berlebihanTakdir teu bisa dipungkir, qadar teu bisa di singlar- Tidak bisa menghindari nasib/takdirLegok tapak genteng kadek- Banyak pengalamanUrang teundeun di handeuleum sieum, Tunda di hanjuang siang- simpan dengan rapiNete taraje nincak hambalan- hati-hati dalam bersikapCarincing pageuh kancing, saringset pageuh iket- WaspadaKagunturan madu, kaurugan menyan putih- Bahagia sekaliKatarik ati kagendang asmara- Jatuh cintaTeu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan- Teguh pendirianCunduk waktu nu rahayu, niggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari- Tepat pada waktunyaKa cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak-Selalu bersama Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek -Kalau membawa sesuatu harus punya izin dari yang punya Sacangreud pageuh sagolek pangkek -Konsisten Kalakuan lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat kalakuan lali tina purwadaksina -Harus mengikuti aturan yang ada Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang -Bercerita harus pas,bermakna Kalakuan ngaliarkeun taleus ateul -Menyebarkan isu atau fitnah Bengkung ngariung bongok ngaronyok -Harus saling bantu menghadapi kesulitan Bobot pangayun timbang taraju -Tindakan harus penuh pertimbangan Séjén palid ku cikiih séjén datang ku cileuncang -Harus ada tujuan yang pasti sebelum melangkah Kudu nepi memeh indit -Harus di pikirkan dulu sebelum mengambil tindakan Taraje nangeuh dulang pinande -Tugas harus di kerjakan karena baik dan benar Kalakuan pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian -Berebut kekuasaan Kalakuan ngukur baju sasereg awak -Hanya melihat dari ego sendiri Kalakuan nyaliksik ku buuk leutik -Memperalat yang lemah Kalakuan keok memeh dipacok Mundur sebelum berhadapan Kudu bisa kabulu kabale Harus bisa menyesuaikan diri Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay leungeun Gotong royong Kalakuan taluk pedah laér tong hoream pedah anggang laér kudu dijugjug anggang kudu diteang Maju terus mundur Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak Kompak
geulis kawanti wanti endah kabina bina